2013/03/23

biantara



TEKS BIANTARA DINA ACARA MIELING HARI PAHLAWAN


Assalamualaikum wr. Wb

Alhamdulillahirabbilalamin washolatuwassalamualaasropilambiyai walmursaliin waala alihi washohbihi ajmain,,

Kepala desa sirnajaya anu kusimkuring dipikahormat,
Para kiai anu kusimkuring dipikahormat,
Kepala Rw 03 anu kusimkuring dipikahormat,
Bapak – bapak ibu – ibu anu kusimkuring dipikahormat, sareng
Para pemuda pemudina nukusimkuring dipikahormat,

Tipayun mangga urang sami-sami panjatkeun puji sareng syukur ka hadirat Allah SWT. Anu atos maparin rahmat sareung hidayahna kaurang sadaya nu mana dina kasempatan ieu urang sadaya tiasa ngumpul dina kaayaan sehat wal’afiat.
Shalawat miwah salam mugi tetep dilimpahkeun ka jungjungan urang sadaya Nabi Muhammad SAW, teu hilaf ka kulawargana, sahabatna, oge ka urang sadaya salaku umatna anu Insya Allah taat kana ajarannana, Amin ya robbal alamin.
Hadirin sadaya anu kusimkuring dipihormat,
Agama islam mangrupa agama anu sampurna, pituduh hirup umat manusadi alam dunya sagemblengna, agama allah anu mere tuduh jalan keur kaghirupan manusa keur dialam dunya anu alus serta sakaligus keur ngahontal kabagiaan hirup dialam akherat anu langgeng bari menang karidhoan pangeran. Salasahiji pituduh ajaran islam nyaeta ngeunaan hubungan manusa jeung sasama hususna jeung sasamam mu’min. Dauh rosul hubungan hade papada umat mu’min teh ibarat jasad urang, dimana anggota badan gering atawa keuna ku kasakit mangka sakabeh anggota badan heunteu cicing tapi ngusahakeun sangkan panyakit cageur.
Hadirin sadaya anu kusimkuring dipihormat,
Alhamdulillah ku pitulung tur hidayah allah swt urang sadaya umatb Islam di Indonesiadina ngalaksanakeun perjuangan ngeusi kamerdekaan ku urang kasaksian ayana kamajuan bari mawa kaberkahan, urang sadaya perlu sadar yen sabenerna saupama urang ngalengkahkeun suku dina medan joang tinangtu moal luput tina pangorbanan, boh korban harta banda, korban tanaga jeung pikiran atawa nepika korban nyawa pisan. Memang sabenerna teu aya perjuangan anu teu merlukeun pangorbanan. Anu disebut pahlawanteh nyaeta anu rela korban dina ngalaksanakeun tugas tur ngahontal cita-cita anu mulya.
Tanggal 10 November dijadikeun hiji poe pangeling eling kana jasa-jasa para pahlawan, sabab poean harita teh kajadiana begalan pati anu pohara rongkahna, mangrupapuncak pangorbanan bangsa indonesia dina ngbela lemah cai, ngabela nagara jeung bangsa tina panandasan pajajah.
Urangt mieling kana hari pahlawan sakaligus urang inget kana harti eta kajadian, nyakitu deui kana kawajiban urang gesan ngamumule amanatna para pahlawan, ajaran Islam ngawajibkeun kapara panganutna sangkan ngalaksanakeun amar ma’ruf nahyi munkar ges mere sumanget joang keur ngalawan kadoliman.
Hadirin sadaya anu kusimkuring dipihormat,
Pyus pisan urang anu ngarasakeun sagala kani’matan mangrupa rahmat ti Allah swt ieu, nembrakeun rasa syukur dina wujud amal jeung pangabdian ku rupa – rupa kagiatan jeung tingkah laku.
Hayu dina raraga mieling harib pahlawan ieu urang tingkatkeun kasatuan jeung persatuan urang supaya nagara anu ku urang di cintai ieu sangkan bisa aman jeung tentrem salawasna,, amiin
Hadirin rohimakumullah
Mung sakitu nu tiasa kusimkuring disampekeun dina kasempetan ieu, mudah-mudahan aya manfaatna pikeun urang bararea, deuih bilih aya kasalahan sareung kakuranganana simkuring nyuhunkeun dihapunteun nu mana kasalahan mah milik abdi sareng kaleuwihan mah datang ti Allah SWT.
Wabilahitaufik walhidayah wassalamu’alaikum wr.wb

0 comments:

Post a Comment